Hayu urang eling Eling ka purwa daksina Urang teh asal ti mana, aduh.... Sareatna hayu urang amal Nu kadar didama-dama Kuma cara migawena Disarengan ka gustina Nu ngayakeun urang sadaya
Ari mungguh hakekatna Hungkul ku pangersa Allah Singkahan jalan nu goreng Pigawe jalan nu hade Geten ka Ibu ka Rama Taat kana piwurukna
Hayu urang ti ayeuna Sangkan mulya lahir batin Meungpeung keur hirup di dunya Hayu geura saradia Yakin urang sawadina Amal keur sampeureun tea, Gusti...
Sujud nyembah ka Gustina Di ahir moal sulaya Yakin ieu bakal nyata sangkan dihampura dosa Gening aya paribasa Indung teh tunggul rahayu Bapa teh tangkal darajat Dina katerangannana Alloh moal ngahampura Mun teu dihampura ku Ibu Rama
Sabab urang bakal maot Kade ulah kajongjonan Hilap kana kawajiban Dipundut ku nu rahayu Dicandak ku nu kawasa Ku renghap nu panganggeusan Ngabengkang kantun balusa
Dicabut ku malaikat Tangtu urang teh sakarat Nyawa ngangseug mapay urat Beak tempot kudu pindah nyampeurkeun ka alam barjah
Geus waktu niggalkeun lembur Ngajugjug ka alam kubur Meunang ngali geus diukur Mahi keur awak sakujur
Geura dulur, menang ngali geus diukur Mahi keur awak sakujur Rek naon anu dibawa Duit loba sawah lega Meunang ngumpul-ngumpul tea
Belaan napsu pasea Meunang tisuksruk tidungdung Nu sok adigung Kana solat mabok linglung Waktu jakatna ge embung
Ibadah kateler-teler Nepi ka nyanghulu ngaler Di tengah imah ngagoler Ngajolopong diruruban Diriung ditarungguan
Diriung ditarungguan Lagadar datang pasaran, Deudeuh... Nyaah ge bati lumengis Geumpeur pacampur jeung waas Setan mah seuri mupuas Harta anu ngundung-ngundung Pakean duit satangtung Ngan make boeh asiwung Ditambah kai jeung padung
Lawang geus ditutup Hanjakal waktu keur hirup Talangke bet henteu sanggup Paingan Rosul ngelingan Dunya mah pangumbaraan Naha bet kamalinaan Tongboy henteu nyubadanan
Duh gening enggeus nyangkorah Rup ku ku padung rap ku lemah Poek rupek jeung tugenah Ngarumas nunggelis susah Duh saha nu rek maturan Geusan cicing babarengan Mana sobat mana dulur Gening baralik ka lembur Henteu maturan di kubur Sumawon nambahan umur
Oge harta banda kuring Nu dipuhit beurang peuting Cik mana nu rek ngadeking Gening geus kieu mah Kuring hanjakal Teu getol sadia amal Ngan amal nu jadi bekel
Hanjakal nurut ka embung Ngan harta nu digugulung Ayeuna gening kaduhung Naon ge panyinglar sedih Ati ceurik nyata peurih Nahan ku ci mata getih Harta mah gening teu nolih
Teu kurang nu nganasehat Enggeus ulah rek sasambat Teu guna enggeus kaliwat Tong hantem hahanjakalan Pan teu kurang anu ngelingan Pek tanggung jawab sorangan Geura jawab pariksaan
Peremutan parantosan mangga urang lalnyepan Sugan sinareng jeung sugan Ngajadi kamaslahatan Ku nguping ieu pepeling Mugi sing jadi panggeuing
Tidak ada komentar:
Posting Komentar